Rajah Kidung Pangjajap
Pun Tabe Pun Sampurasuun….
Amit Ampun nun Paralun ka Gusti nu Maha Suci
Jembarna ka para Karuhun nu Aya di sabudeur Awun…
Run turun Bayu tresna,Bayu Asih, Bayu mawa kawaluyaan, Bayu mawa ka elingan, Sakur nu kaliliwatan Sakur Nu katitincakan
Ku Urang buka Tutungkusan nu kahalangan, ku Pipinding.
Bral geura mulih Ka Jati Mulang Ka Asal
Asal ti Suci Balik Ka suci, Asal ti Gusti balik Ka Gustina
Mulangna ka Alam Padang Poe Tunjung Sampurna lir ibarat Caang Bulan Opat belas teu geuneuk teu maleukmeuk balumbang timur jalan gede sasapuan…
Dina tulis titis tulis, maca uga na waruga.
Atra setra Kanti Suksma, Jalankeun Jati Rahyu, gelaran Banjaran Bagja
Pun..
Pun…
Pun..
Sampurasuun… Ahung Ahung Opat puluh kali Ahung, Rahayu Rahayu
Mamayu Hayuning Bhawana
Kidung ini di bawakan oleh Ibu Arinita pada acara Pitra Puja Sang Swargi I Gusti Ngurah Dwaja pada selasa, 13 Juli 2021 melalui saluran virtual Zoom Cloud Meeting dan di hadiri Pak Dirjen Bimas Hindu Kemenag RI
